Jumat, 21 Januari 2011

Asih

Karsih neuteup beungeut salakina anu kakara datang tadi Subuh, biasa tas pikét, giliran jaga peuting. Bakating ku tunduh, pakéan seragamna ogé teu kaburu dibuka-buka acan. Jigana téh tas shalat Subuh dug wé saré. Malah poé éta salatna téh di imah, padahal biasana mah sanajan sakumaha tunduhna jeung capéna ogé sok kaburu ganti heula maké baju koko, tuluy berjamaah di musholla beulah lebak, deukeut imahna Ustad Dédén. Harita mah teuing kunaon, tong boroning indit ka mushola, bajuna ogé teu kaburu dibuka-buka acan.
“Aduh mani asa ku tunduh-tunduh jeung cape pisan, Cih,” ceuk salakina bari tuluy ngabedol bantal. Teu lila kadéngé kérékna mani nyegrék. Karsih buru-buru ngabenahan parabot gawé salakina, sabuk, panakol, sénter jeung HT, tuluy ditteundeun di luhur lomari. Gancang manéhna ka dapur rék naheur cai bari jeung nyieun sangu goréng keur Bandi, anakna anu kakara kelas tilu SD, buah haténa jeung Kang Angga salakin anu ayeuna. Manéhna tepung jeung Angga téh geus jadi randa, pipirakan jeung Tanu salakina anu tiheula. Jeung Tanu, Karsih kungsi ngawangun rumah tangga salila lima taun, ngan can diparengkeun boga turunan. Sedemg mitohana, indungna Tanu, geus hayangeun pisan boga incu. Kusabab éta, antara manéhna jeung mitohana téh jadi kurang hade. Panyababna mah, lamun mitohana nganjang ka imahna téh sok nyindiran waé. Pajarkeun téh, Karsih mah awéwé anu teu bisa méré anak. Can gé nepi ka jero imah, indungna sok gogorowokan, basana téh.
“Tanu iraha atuh, ema ngasuh incu téh. Ema téh geus kolot,” pokna tarik pisan. Malah tempona mah, mitohana téh tara daékeun asup-asup acan bangun nu ngéwa. Antukna lamun tas dianjangan téh, antara manéhna jeung salakina sok paséa rongkah, jiga Perang Teluk baheula. Tanu keukeuh mangmeunangkeun indungna. Karsih kekeuh embung disalahkeun. Sabab urusan boga anak mah pan kumaha Gusti Allah nu marengkeun. Manéhna ogé ihtiar mah geus kaditu-kadieu kaasup konsultasi jeung dokter ahli kandungan. Hasilna positif, dirina mah subur. Teuing lamun salakina anu gabug mah, sabab parengan diajakan ka dokter pikeun dipariksa sok tara daékeun waé.
“Aing mah turunan rendey deuleu, teu kuda paruksa-pariksa sagala,” témbal salakina. Lantaran rumah tanggana beuki lila, beuki nyahéng baé, Tanu geus tara daékeun saré bareng kalah misahkeun manéh di kamar tukang. Nincak taun ka lima, sikepna geus teu bisa diayonan deui, komo lamun tas balik ti imah indungna, sadatangna téh bari jeung ambek-ambekan sagala. Rumahtanggana, awét rajét, malah geus teu bisa dipertahankeun deui. Antukna mah nepi ka baruntakna di pangadilan agama.
Malah indungna Tanu mah nepi ka terang-terangan nitah anakna nyandung, atawa masrahkeun dirina. Ahirna Karsih milih pepegatan tibatan kudu dicandung mah. Anu matak nyeri haté sanajan dirina harita masih kénéh pamajikan sahna Tanu, indungna geus ngajodokeun jeung dulur bapana, urang Sumedang. Karsih milih ngusap birit tibatan ngudar gelung mah. Sanajan dina jero haténa duriat ka salakina masih kénéh gedé, dirina teu narima dikakaya jeung dihina bas amah, Karsih milih jadi randa bari mawa kapeurih anu taya hinggana. Mun kongang mah hayang ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat, ceurik balilihan nandangan katunggaraan anu taya wates wangenna. Lamun teu inget kana pidosaeun mah, hayang maéhan manéh, boh nginum racun atawa nabrakeun dirina kana karéta api anu ngaliwat di Bubulak, basa manéhna kakara kaluar ti pangadilan agama. Sanajan manéhna kéképéhan embungeun kudu papisah, tapi dalah dikumaha. Padahal ceuk pamikirna, dirina geus ngalaksanakeun sakabéh kawajiban salaku pamajikan. Jeung deui pan urusan boga turunan mah, pan teu beunang dihayang-hayang jeung teu beunang di embung-embung sagalana kersaning Allah.
Lamun téa mah can diparengkeun, dirina teu bisa disalahkeun. Dina pangadilan anu ceuk pamikirna beurat sabeulah, Hakim keukeuh ngabulkeun talak tilu, sakumaha anu dipikahayang ku indungna. Anu matak nyeri haté, Tanu tétéla ngan ukur méré surat kawasa ka pangacara indungna. Da cenah, Tanu mah keur sakola deui di luar nagri. Saha anu teu matak gering pikir, bobogohan ti SMA kénéh, tepi ka Tanu lulusna jadi sarjana. Salila éta geus tangtu loba carita éndah anu dirénda antara dirina jeung Tanu anu moal bisa dipopohokeun.
Karsih ogé ngarumasakeun yéng ngahijina Tanu jeung dirina satengah dipaksakeun. Sabab indungna Tanu, geus boga rencana pikeun ngajodokeun jeung anak dulurna, jadi jigana téh sawaktu mitohana ngaridoan manéhna ngahiji jeung anakna, henteu clik putih clak hérang. Geus kitu kahirupan kulawarga manéhna jeung kulawarga Tanu lir bumi jeung langit. Bapana Asih saukur tukang sol sapatu di taman topi, sedeng indungna dagang kopi di parapatan Terminal Bubulak. Bisa sakola D3 bari jeung di paguron nagri téh pikeun Karsih téh kacida bagyana, komo disahandapeunanana dua adina biayaeun kénéh.
Sanajan hirup basajan, ari sual otak mah teu éléh, da basa di SMAna Karsih langganan rengking kahiji ti kelas hiji tepi ka kelas tilu. Pan asup ka IPBna ogé lantaran boga niléy anu kacida hadéna. Ngan kulantaran kurang waragad, ukur nepi ka D3, meureun mun teu éra mah, ayeuna ogé dina KK atawa KTP téh, maké tambahan A.Md, jadi lengkepna, Siti Karsitaasih,A.Md
“Umi, kunaon ngalamun?” Bandi anakna nyampeurkeun, Karsih anu harita keur ngalamun dina meja dahar.
“Astagfirullah….”Karsih asa kagebah.
“Tah geura sarapan, éngké gelasna kumbah nyalira nya.”
Bandi unggeuk, tuluy diuk dia korsi gigireun indungna.
Tas nganteurkeun anakna sakola, Karsih nyimpang ka imah babaturanana basa di SMA, maksudna mah rék neangan mukena. Hévi sok ngiriditkeun barang-barang sapopoé. Malah anu euweuh di tokona ogé dipesen. Enya wé sanajan teu majang kawas toko, nu keur milihan barang geus loba. Komo sababaraha poé deui rék puasa. Jigana ngarah rinéh éngké dina mangsa puasa, leuwih hadé balanja ti ayeuna . Salian ti kitu pan bisa ngiridit, jadi kaperluan keur nu séjénna bisa kénéh kacumponan. Kasampak Hévi keur sibuk cutat-catét, teu apaleun mun Karsih geus aya ditukangeunana.
“Duh nu sibuk mani teu ngalieuk-ngalieuk acan,” Karsih ngagareuwahkeun. Hévi ngalieuk.
“Aeh, aya si geulis, kumaha damang?” Hévi cengkat tuluy naangkeup Karsih bangun nu sono kacida.
“Sinanteneun aya pikersaeun naon, nu geulis téh ceuk Hérvi bari tuluy ngageroan asisténna sina nuluykeun pagawéanana. Manéhna metot Karsih ka rohangan tengah nu rada lega sangkan teu kaganggu ku nu séjén. Kabiasaan nyebut si geulis ka Karsih téh keur basa di SMA kénéh. Da enyana atuh, pan di kelas mah Karsih téh béntangna salian ti pangpinterna panggeulisna deuih. Baheula mah lain Karsih ieuh ngaran sebutan sapopoéna téh, tapi Asih………nepi ka jadi pamajikan Tanu tetep maké ngaran Asih. Ngan basa kawin jeung Kang Angga dirobah jadi Karsih, ambéh teu genjlong teuing. Nyaluyukeun jeung kahirupan anu bakal dihareupan…..pamajikan satpam salah sahiji pabrik. Matak sawaktu daftar dina formulir kawin ogé Karsih wé, teu maké papanjangan. Rumah tangga jeung Angga ogé teu puguh mimitina. Disebut bogoh pisan henteu. Mun dibandingkeun jeung Tanu mah jauh tanah ka langit boh pangawakan atawa bandana. Jigana sawaktu haténa peurih alahbatan digerihan hinis, Angga datang ngeusian haténa nu keur kosong jeung raheut. Ieu meureun anu disebut meupeus keuyang, cinta pelarian lamun ceuk barudak ayeuna mah.
“Sih, aya naon? Aya nu tiasa dibantos. Eh, hoyong ngaleueut naon, tuangnya?”ceuk Hévi. Karsih ngagebeg, tuluy seuri maur kaéraan.
“Ih mani ararisin, Hévi mah mani kitu,”Karsih teu puguh nembalanna.
“Ih puguh, mani bungah Asih sumping téh, sono…sono pisan,”ceuk Hévi teu lila pembantuna datang mawa inumeun lengkep jeung kadaharanana.
“Tah ngaleueut heula ah, ambéh salsé ngobrolna,”ceuk Hévi bari ngasongkeun sirop. Tuluy manéhna mikeun duit ka pambantuna bari ngaharéwos.
“Kieu Hév, leres Hévi sok ngiriditkeun raksukan kanggo sholat sapertos mukena atanapi acuk koko?”ceuk Karsih.
“Oh peryogi éta,seueur. Badé nu kumaha?”ceuk Hévi bari tuluy cengkat teu lila geus datang bari angkaribung dituturkeun ku anak buahna.
“Tah mangga tingalian, nu ieu rada mirahan, upami ieu mah rada lumayan hargina, tah ieu sarung, acuk koko kanggo bapa-bapa sareng murangkalih.”ceuk Hévi.
“Asih peryogi mukena?”Asih unggeuk lalaunan.
“Sok milihan acuk koko heula, mukena mah dilebet,”ceuk Hévi deui. Saanggeus milihan baju koko jeung sarung keur ankna jeung salakina Asih nuturkeun ka tempat anu dituduhkeun ku Hévi.
“Tah mukena mah teu kedah mésérnya.”
“Ih ulah kitu Hév, pan iéu the icaleun, teras niat abdi badé mésér,”tembal Karsih. Sanggeus padungdengan di jero ahirna mupakat nu hiji ngiridit nu hiji deui teu dibayar.
“Ulah dibantun ayeuna nya, kumaha urang ngabaso heula,”ceuk Hévi bari tuluy ngaharéwos ka anak buahna sangkan mesen baso . Manéhna apal pisan kana karesep sobatna. Karsih balik bangun nu bungah, salian ti meunang kaperluan keur anak salakina, manéhna meunang mukena sadua-dua, nu hiji mah ngiridit dibayaran unggal bulan, nu hiji deui hadiah Ramadhan, ceuk Hévi mah. Duanana dibordir dina palebah sirahna ku hurup singketan AZ jeung AH, nu hiji maké ngaran hareup salakina nu hiji ngaran Hévi. Datang ka imah kasampak salakina keur diuk dina korsi tengah, jigana kakara hudang.
“Ti mana sih indit teh mani kamalinaan,”salakina nanya rada nyeuneu, meureun ngarasa handeueul, basa hudang pamajikanana teu nyampak, dina méja can aya kopi.
“Aduh hapunten kang, tadi mulih jajap Bandi teras milarian acuk koko kanggo akang sareng Bandi,” tembal Karsih bari neundeun bungkusan dina méja. Karsih tuluy ka dapur nyieun kopi.
“Loba duit geuning maké balanja sagala,”ceuk salakina bari angger paromanna bangkenu jiga munding anu keur nyeri huntu, bari tuluy ngaluarkeun udud tina sakuna.
“Ah, ngiridit kang, upami kontan mah Akang terang nyalira, ti mana artosna.”
“Yeuh, Sih ngiridit mah hargana manglipet-lipet. Barina ogé pan baju akang jeung Si Bandi mah aya kénéh. Pilkadar jeung sholat ied mah pantes kénéh.”
Angga jiga kurang satuju kana anu geus dilakonan ku pamajikanana. Karsih teu nembalan, haténa pinuh ku patanyaan, kunaon bet salakina jadi kieu, pan ti saprak kawin gé urusan rumah tangga dipasrahkeun ka manéhna. Tara pernah salakina milu usil atawa mamatahan kudu meuli naon meuli naon. Keur mah duit anu diaturna téh kacida leutikna, lamun kurang pinter-pinterna mah tong boroning tepi ka tanggal 25, da ukur tanggal wewelasan ogé geus érép. Sabaraha sih gajih satpam pabrik?
“Hapunten kang, abdi lepat,” ceuk Karsih. Dikitukeun salakina lain kalahka eureun anggur mamatahan beuki bedas, malah sorana téh jiga nu rada ambek.
“Kang saupamina anu ku abdi kedah diwangsulkeun deui ku abdi diwangsulkeun deui ayeuna kénéh. Upami akang kirang satuju teu sawios-wios ku abdi diwangsulkeun,”ceuk Karsih bari ceurik.
“Geus tong maké ceurik sagala, éra ku tatangga,” ceuk salakina bari tuluy kaluar ti imah, ngaléos. Karsih ngabéréskeun baju nu meunang meuli ka kamarna. Haténa pinuh tanda tanya kunaon bet Kang Angga jadi teu kaopan. Pan biasana mah tara kitu. Lamun tas pikét tuluy ngopi, bérés ngopi pan biasana mah ngajak ngobrol heula, méméh ka cai téh. Beuki dieu kalakuan salakina beuki galak, malah mun telat nyieun kopi sok jeung sesengor sagala. Malah kamari mah heuleutna Karsih jeung salakina paséa rongkah. Basa salakina ménta dipengnyieunkeun kopi, ku Karsih teu digugu, da bulan puasa.
“Kang ieu téh sasih shaum. Ku naon akang ayeuna janten teu kersa shaum, kumaha budak urang sikepna upami ningali akang henteu shaum,”Karsih angger leuleuy.
“Aing ngan ukur ménta dipangnyieunkeun kopi lain rék ngadéngé da’wah deuleu. Geus cukup di masjid ogé,”tembal salakina bari ngabantingkeun panto.
Kalakuan salakina beuki goréng adat, malah salakina mangsa mah tepi tilu poé teu balik-balik. Basa ditanya tas ti mana lain némbalan tapi kalahka ngambék bari nyarékan lak-lak dasar. Ka Bandi ogé geus teu pati maliré, teu kawas baheula mun balik gawé sok ngajak jalan-jalan kana motor. Malah gajihan ogé cocéng saparona, sawaktu ditanya jawabanana éstu matak pinyeurieun haté.
“Eta ogé urang mah meunang kénéh gajih, batur mah aya anu tilu bulan can dibayar. Tarimakéun wé, ulah sok loba omong,” témbal salakina bari molotot. Anu leuwih nganyerikeun, aya béja Kang Angga boga kabogoh deui, ngan Karsih henteu langsung percaya kitu waé, sok sieun aya jalma nu ngahaja ngaliarkeun taleus ateul, jalma anu teu tanggung jawab, anu hayangeun rumahtanggana bubar.
“Abdi mah percanten ka Kang Angga, Téh. Abdi yakin Kang Angga mah moal daékeun kikituan,” témbal Karsih ka Ceu Marni anu ngahaja datang ka imahna ngabéjaan yén salaki Karsih remen nganjang ka salahsaurang randa anu imahna teu jauh ti tempat gawéna.
“Eceu mah mangkarunyakeun ka diri anjeun, Sih. Ceuk Euceu rék néangan nu kumaha deui Angga téh, keur geulis téh bageur jeung kumawula ka salaki,” ceuk Ceu Marni bangun nu manghanjakalkeun.
“Hatur nuhun, Ceu,” Karsih némbalan sahinasna. Béja yén salakina bobogohan deui, geus nerekab kamana-mana, tapi Karsih teu galideur. Manéhna tetep nyekel pageuh prinsipna sorangan yén moal waka percaya lamun can katempo ku sorangan, paribasana teu nginjeum ceuli nginjeum panon. Dasar kudu kanyahoan, sabuni-bunina mungkus tarasi hiji waktu mah bakal kaambeu. Sabuni-bunina nyumputkeun kagoréngan pasti bakal kanyahoan. Basa Karsih kamagriban jeung anakna, manéhna nyimpang ka hiji imah, maksudna mah ngadon milu salat, da buka puasa mah eunggeus di warung anu kaliwatan. Karsih mani ngagebeg, basa tas salat teu kahaja kabaca aya bordiran singgetan ngaran manéhna dina mukena anu dipakéna. Karsih nepi ka sababarah balikan negeskeun, henteu salah deui ieu mukena manéhna paméré ti Hévi téa. Manéhna teu loba tatanya sanggeus nganuhunkeun ka nu boga imah, gancang manéhna balik. Teu sirikna mani satengah lulumpatan hayang geura ngabuktikeun naha mukéna anu meunang anyar meuli téh aya kénéh dina tempatna. Haté panas kacida mani asa diduruk, basa nempo mukena anyar anu aya bordiran ngaran manéhna jeung salakina euweuh dina tempatna. Sidik pisan ayeuna mah, mukena anu dipaké salat Magrib di imah tadi téh mukena manéhna.
“Teungteuingeun Kang Angga, mani téga pisan, padahal kurang kumaha abdi ngawulaan Akang. Naha bet maké ngaduakeun haté,” ceuk Asih bari ceurik ngaguguk kanyenyerian. Sanggeus disedek-sedek, ahirna Angga ngaku yén salila ieu manéhna mémang boga sisimpenan anu teu jauh ti tempat gawéna. Basa dititah milih naha dirina atawa anu itu, jigana Angga leuwih beurat ka nu ngora. Nu matak basa Karsih ménta ditalak téh, Angga henteu ngaéngkékeun deui, malah jigana éta pisan anu diarep-arep ku manéhna. Rumah tangga Karsih jeung Angga, geus teu bisa dikukumahkeun deui, sabab tétéla Angga geus kawin deui jeung randa anu tétéla urut kabogohna baheula. Bari éra-éra ogé Karsih balik deui ka kolotna mamawa Bandi. Indung mah landung kandungan, laér aisan keukeuh wé nyaah. Komo nempo anakna katalangsara. Umina Karsih ukur bisa ceurik ningali rumahtangga anakna kawas kitu téh. Komo barang ngadéngé bubarna rumahtanggana alatan salakina anu tétéla boga kalakuan goréng.
“Sing sabar Asih, tawakal anggursi ngadu’a ka Gusti Allah. Sanggakeun sadaya kapeurih ka Anjeunna, jodo, pati, bagya jeung cilaka lain urusan manusa. Gusti Allah nu Ngagaduhan. Insya Allah anjeun bakal manggihan kabagyaan kahareupna.”ceeuk indungna bari ngusapan sirah anakna. Aya rasa tiis nyelesep kana haténa nu keur marojéngja, rasa kanyaah, kadeudeuh, kaasih anu ngajadikeun Asih ngarasa tengtrem basa ramo indungna ngusapan, rasa anu ngahangkeutkeun harga dirina.
“Asih téh masih kénéh ngora, panjang kénéh lalakon. Ulah putus pangharepan, pamali, dosa,”ceuk indungna deui. Sumanget Asih anu méh reup-reupan pareum, ngagedur deui. Naséhat jeung du’a ti nu jadi kolotna lir minyak tanah nu ngagedurkeun seneu nu rek les-lesan pareum. Basa Hévi ngajak gawé bareng muka toko, Asih gancang nyanggupan.
Manéhna geus gilig mopohokeun kanyeri jeung kapeurih haténa ku hiji lalaki. Asih geus nekad rék jadi indung sakaligus bapa pikeun buah haté anu ngan hiji-hijina.
“Punten upami cidung ieu sabaraha pangaosna?”ceuk hiji awéwé tengah tuwuh. Harita di toko parengan keur taya sasaha, ngan Karsih wungkul. Hévi keur balanja ka Tasik jeung supirna.
“Nu mana ibu?”walon Kasih nyampeurkeun. Nu disebut ibu ku Karsih ngagebeg barang nempo Karsih, kitu deui Karsih.
“Asih leres ieu téh Asih?”ceuk si ibu, indungna Tanu, urut mitohana.
“Muhun ibu, abdi Asih.”ceuk Karsih bari terus munjungan bari neger-negerkeun manéh. Haténa mah guligah nahan kasedih jeung kaambek nu taya hinggana.
“Asih..hampura ibunya, hampura geus nganyenyeri Asih”. Ceuk Hévi indungna Tanu meunang sagala informasi ngeunaan Asih.
“Pikeun Angga nu hirupna susah jeung susah teu hésé pikeun ninggalkeun pamajikan anu mémang teu pati dibogoh. Komo ditawaran jadi kapala kaamanan, dibéré imah jeung mobil mah.”ceuk Hévi harita ka indungna Tanu. Enya wé teu nyalahan. Geuning…………indungna Tanu mani ngagabrug, tuluy deku, bangun rék nyium suku Karsih. Ku Karsih gancang ditahan bari digabrug.
“Ulah kitu, isin atuh bu.”tembal Karsih dareuda dina tungtung panonna aya nu ngagenclang hérang, dadana ngadadak eungap. Manéhna teu tahan nempo urut mitohana anu nyuksruk ceurik kana taktakna.
“Hampura ibu, Asih,”sorana haroshos nahan kasedih. Duanana ceurik paungku-ungku.
“Sami-sami bu, Asih ogé nyuhunkeun dihapunten,”tembal Karsih sanggeus leler. Barabat indung Tanu nyaritakeun kaayaan anakna, yén sabenerna mah Tanu teu pernah nyieun surat kuasa pikeun nalak. Eta mah éstu beunang nyieun indungna jeung pangacara anu diséwa.
Ti saprak kajadian éta Tanu jadi gering ngalanglayung, teuing geus sabaraha dokter anu didatangan malah dukun-dukun ogé disaba, sangkan Tanu cageur deui. Tapi kabéh ogé taya nu manggapulia.
“Upami kitu kang Tanu ayeuna dimana bu ?”Karsih panasaran.
“Di mobil, tapi Asih tong kagetnya ningali warugana, pihawatireun pisan,”tembalna.
Karsih lumpat ka mobil, kasampak Tanu keur neuteup ka dirina. Ngan teuteupna bangun nu kosong, jauh panineungan.
“Kang..kang Tanu,”Asih ngagabrug. Tanu ukur neuteup teu lemek teu nyarék sumawonna, nembalan mah.
“Kang..ieu Asih kang…. Piraku akang hilap ka Asih, ”Asih ngagoak bari ceurik, cipanonna maseuhan baju Tanu. Haténa teu tahan nempo waruga urut salakina anu begang tinggal kulit. Panonna celong, sirahna salian ti pinuh huis téh geus rada botak. Waruga Tanu jiga miheulaan dua puluh taun tina umur nu sabenerna.
“Asih………Asih,”ceuk Tanu lalaunan, sorana haroshos ampir teu kadéngé sorana méh ngaleungit.
“Bageur, Asih tos heula, keun Kang Tanu sina istirahat, ” ceuk Indung Tanu bari ngahudangkeun Asih tina awak Tanu.
Meunang tilu bulan Tanu di rumah sakit, awakna eungkeut-eungkeut cageur, pikiranana mimiti karumpul deui. Salila éta Asih teu weléh ngemitan, malah Asih gawéna gé eureun da hayang ngarawat Tanu.
Ari dirawat sakumaha mistina, Tanu geus sabihara-sabihari deui, awakna eusian deui malah ingetanana geus pulih deui.
Kulantaran geus kungsi ragrag talak tilu, Tanu jeung Asih kudu kawin deui. Pésta kawin nu kadua mah leuwih rongkah ti batan nu ti heula. Sabab ayeuna mah didasaran ku kaihlasan indung Tanu.
Asih jeung Tanu dibarengan ku Bandi nyanding bagya dina kursi pangantén dipapag teuteup reueus indungna Tanu, jeung Hévi. Dina jero haté duanana bungangang duméh geus bisa ngahijikeun dua haté anu salila ieu kungsi papisah.
Tétéla nu nyababkeun Tanu gering téh saenyana mah batin, lantaran ngarasa diteungteuingan ka nu jadi indung. Keur sono bogoh jeung keur suka bungah, duriatna dipegatkeun. Sanajan diupahan ku dikawinkeun jeung pilihan indungna, Tanu lain kalahka bungah, kalahka abur-aburan néangan Asih. Pamajikan anu anyar dicullaurkeun. Nu matak pinyerieun haté indungna Tanu, sabot manéhna sibuk néangan jeung ngurusan anakna, minantu anyar téh salingkuh jeung urut kabogohna, Enan. Untung wé, Bi Inah mah teu beunang dibebenjokeun ku duit.
Basa Enan datang Bi Inah nelpon kana HP dununganana. Disaksian RT jeung sababaraha pamuda di dinya, Wiwin katangkep baseuh keur sosonoan jeung Enan bari jeung satengah buligir. Jigana lamun teu dijagaan ku RT mah teuing geus dikumahakeun tah dua mangkeluk téh. Komo barudak ngorana mah, nitah diarak bari jeung sina uulutudan sagala. Wiwin jeung kabogohnaa diusir harita kénéh.
Ti saprak harita indungna Tanu ngarasa kaduhung sagedé gunung hanjakal taya wates wangenna. Pikeun nebus dosa ka anakna jeung ka Asih, indungna Tanu mpay-mapay Asih. Ngan hanjakal basa kapanggih Asih geus kawin jeung Angga. Harepan pikeun ngahijikeun Asih jeung Tanu mimiti nyay-nyayan deui barang nyaho yén tempat Angga digawé tétéla salah sahiji pausahaan boga salakina. Dibantuan ku Hévi babaturan Tanu jeung Asih ogé, indungna Tanu nyusun strategi.
“Kadénya Hév tong betus ka sasaha,” indungna Tanu ngaharéwos. Hévi unggeuk bari ngégél biwir nahan kapeurih dina jero haténa, cipanonna teu burung ngeclak mapay pipina. Sora suling nu ngagelik nu keur nganteur kabungah Asih, pikeun Hévi mah ukur kawih nu ngagerihan haténa lir diturih ku tungtung hinis nu mungkaskeun harepan. Pikeun manéhna micinta jeung mikanyaah ka hiji lalaki lain ngan saukur mikaboga ku sorangan tapi ogé mere kabungah ka buah haténa. Kabungah jeung kacinta Tanu aya di Asih, lain ka dirina. Sanajan cinta manéhna ka Tanu kacida gedéna dirina ku ihlas jeung rido narima kanyataan ieu. Jigana geus ditulis keun ti asalna yén jodo Tanu memang Asih lain dirina.
Hawar-hawar lagu mawar bodas dikawihkeun ku Agung nu mawa acara, masih kadéngé marengan léngkah Hévi nu lungsé ninggalkeun tempat pangantén, mapay-mapay jalan sorangeun nu teu kanyahoan dimana tungtungna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar