Senin, 10 Januari 2011

Sora Embè jeung Tongèrèt

Sakapeung mah aya sono kana sora embè jeung tonggèrèt tèh, sabab unggal poè, unggal menit, malah unggal detik, ceuli tèh ngan disuguhan ku rupa-rupa sora knalpot ti rupa-rupa jeung jinis kandaraan, boh anu kalem atawa anu matak racleng tai ceuli. Komo baheula mah keur jaman knalpot gandèng dimeunangkeun kènèh, hèg tengah poè èrèng-èrèngan, teuing kumaha rarasaan tèh, rarasaan mani hayang bek-bek wè mere duit, kanu mawana. Atuda teu ngarasa lendeng kumaha, keur mah panas hawa di jero angkot tèh, macèt, motor di sagigireun, knalpotna anu sakitu gandèngna tèh bangun anu dihaja digerung-gerung. Komo pikeun anu keur nyeri huntu mah, meureun moal teu pating serenud kana sirah. Tangtuna lain ngan saukur hayang ngadèngèkeun sora èmbè atawa tonggèrèt wungkul, tapi hayang ngarasakeun hawa atawa kaayaan pilemburan, sabab anu masih kènèh miara sasatoan mah ayana di lembur, komo tonggèrèt mah pastina ogè di tengah leuweung atawa sakurangna di tempat-tempat anu loba tatangkalan galèdè. Cicing di lembur anu singkur, bari dibaturan ku sora-sora sasatoan, hiliwirna angin gunung atawa ngadèngè curulukna cai anu cur-cor, boh di wahangan atawa dib along-balong, di kota mah geus rada jarang, lamun parengan sono, nya kudu daèk ngaprak, ngasruk-ngasruk ka pilemburan. Di lembur mah loba kènèh nu baroga ingon-ingonan, nu matak tatangkalanana ogè riduh, sabab teu hèsèeun lamun hayang ngabèrak tèh. Bèrak tina sasatoan bisa keur kana tatangkalan jeung pepelakan, boh anu di buruan imah, atawa di kebon. Da geuning anu hirupna di tengah-tengah kota mah, komo anu pangeusi lemburna geus pasesedek mah, hayang boga pepelakan ogè mani hèsè, harianeun ari su’al bèrak anu asalna tina kotoran sasatoan mah. Anu aya paling ogè, kompos anu dijieun tina runtah tèa, geus pasti kandungan harana, atawa pupukna bèda.
Kahirupan di lembur jeung di kota-kota gedè (komo anu metropolitan) geus pasti bèda salah sahiji cirina nyaèta pager, hususna di komplèk-komplèk paimahan jalma-jalma beunghar, pagerna ogè laluhur, atuh natangga tèh kawates ku nu kararitu. Teu saeutik tatangga jeung tatanggana tèh teu warawuh, hirupna sewing-sèwangan. Pan di lembur mah teu kitu ieuh, ceuk bohongna mah, aya jarum rag-rag ogè tatangga nyarahoeun. Dina su’al gotong royong, anu jadi cicirèn bangsa tur warisan karuhun, di lembur mah, pageuh kènèh, sanajan di sababaraha tempat geus mimiti lèah, panyababna mah, salian ti kasibukan nèangan nafkah keur kulawarga, ogè aya pangèsèran budaya, kapangurahan ku budaya deungeun anu cenah, ngahareupkeun hak asasi manusa.
Kahirupan silih pikawanoh anu diwariskeun ku karuhun, saujratna saluyu jeung anu diajarkeun ku Kangjeng Rosul, Muhammad SAW, nyaèta shalat berjamaah di masjid, pan hakèkatna lain ngan saukur ngudag 27 darajat wungkul, tapi pikeun ngajaga silaturahmi. Sabab silaturahmi tèh penting pisan pikeun ngajaga pacogcrègan, ngajaga ulah nepi ka pareumeun obor. Anu sasumur ku berjamaah unggal waktu, di musholla, anu salembur di masjid jami, nyaèta ngalaksanakeun shalat Jumaah tèa.
Di nagara urang boh silaturahmi, atawa ngajaga sangkan ulah pareumeun obor, geus mimiti ditaringgalkeun, anu aya silih jorag, malah nepi ka silih binasakeun sagala. Rada anèh kadèngèna, lamun mahasiswa jeung mahasiswa bèda fakultas sarta aya dina hiji paguron anu sarua, make silih arah sagala, atawa pangeusi kampung anu masih kènèh sa-dèsa, nepi ka silih serang bari ngagunakeun pakakas seukeut. Lain èta wungkul, antara gegedèn jeung gegedèn anu masih kènèh dina hiji propinsi nepi ka pasèa parebut wates. Padahal lamun dipikiran mah rada teu kaharti, pan duanana ogè masih kènèh aya dina wewengkon Nagara Republik Indonèsia, naha make kudu parasèa sagala. Jigana, lamun kitu mah, aya anu kudu dibenahan deui, boh dina ngajarkeun ajèn-inajèn budaya karuhunna, atawa ngalarapkeun jiwa Pancasila dina kahirupan sapopoè.
Lamun geus kieu, nya mending ngadèngèkeun sora embè jeung tonggèrèt tibatan kudu nyaksian nu parasèa mah nya !
(Tina Jurnal Bogor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar