Sèrèn Taun anu kalima kalina dilaksanakeun ku KBS kalayan alpukahna Kang Achmad Mikami Sumawijaya, atawa Rama Maki, anu kawilang suksès, tur pada ngajugjug, nepi ka didatangan ku rèbuan jalma ti mamana, kaasup urang bulè, teu leupas ti paniatan, tèkad jeung kuatna pamadegan Rama Maki, anu keukeuh peuteukeuh hayang Ngarèvitalisasi (Ngahudangligarkeun) budaya anu geus pernah aya 40 taun kaliwat, malah boa, samèmèhna ogè geus aya. Mangsa rèk dimimitian, tur dilaksanakeunana di lapangan sakola dasar, teu saeutik anu kurang panuju. Lain waè ti masarakat satempat, anu kurang pati apal kana kabeungharan budaya, ogè kurang ngartieun naon anu dimaksud Sèrèn Taun, malah loba diantara para panitèn budaya jeung inohong anu ngajarèbian. Tong disebutkeun saha-sahana mah, sabab sarua jeung ngaliarkeun taleus ateul. Keun wè urang teuleum di handieum sieum, urang tunda di hanjuang siang, ulah kudu ditèang deui nya.
Salah sahijina anu dijadikeun pasualan tèh acara “sakèboeun” nyaèta nguburkeun, tanduk jeung kuku suku kèbo anu mèmang tara di dahar. Saentas pada apal yèn anu dikuburkeun tèh lain hulu munding, nyaèta barang-barang anu mèmang sakuduna dipiceun, kakara rada ngurangan tah anu teu panujueun tèh. Tapi teu cukup nepi ka dinya, aya ogè anu ngahujuh-hujuh sangkan anu dikuburkeun tèh lain anu disebutkeun di luhur. Tapi kudu hulu munding tèa.
Sababaraha taun kaliwat, mun teu salah mangsa harita rèk Sèrèn Taun anu kaduakalina, kuring jeung Rama Maki keur ngobrol di bumina, salah saurang anak buahna nepungan yèn aya tamu anu perlu pisan nepungan anjeunna. Tah èta utusan anu tliuan tèh katitipan pèsèn ti salah sahiji kolot (duka saha) anu harita keur kaancikan (teuing saha). Eta utusan tèh mèrèdih sangkan anu dikuburkeun tèh hulu munding cenah. Tapi ku Rama Maki teu gugu ieuh, isukna mangsa Sèrèn Taun Guru Bumi dilaksanakeun, angger wè, ukur sakeboeun.
“Lamun diturutkeun cilaka, bisa jadi pasalisih faham jeung kasepuhan atawa ulama di dieu,”saurma daria. Ayana kabiasaan kolot atawa karuhun urang anu disebut-sebut Sunda Wiwitan dina prak-prakan ngalaksanakeun syarèat islam (diantarana beubeuleuman), teu leupas tina kasangtukang jeung kanyataan anu aya yèn bangsa urang (Sunda) geus mibanda kapercayaan atawa kayakinan (bisa ogè budaya) samèmèh sumebarna islam di nagara urang. Lain èta wè kètang, dalah aya diantara wali anu nyebarkeun agama Islam ngaliwatan budaya anu aya, diantarana ku seni (wayang) boh wayang golèk atawa wayang kulit. Nepikeun ka cenah, anu hayang nongton ogè lain ku duit iyeuh mayarna tèh, tapi ku dua kalimah sahadat. Ceuk sabagèan dalang sepuh, mertèlakeun yèn Jimat Layang Kalimusada tèh, asal kecapna dua kalimah sahadat. Tah, diantarana urusan beubeuleuman tèh (meuleum menyan, stanggi) cenah mah “warisan” ti agama Sunda Wiwitan atawa Hindu ?
Tapi lamun tèa mah rèk “diislamkeun” tèa mah, taya salahna ieuh, sabab ceuk agama ogè, amal-amalan tèh gumantung kana niat. Jadi meueum anu kararitu tèh, nya niatkeun wè keur nyeungitan rohangan, pan Allah mah resepeun pisan ka nu sarareungit tèh. Rarasaan leuwih alus tibatan nyemprot ruangan ambèh seungit tapi dibantuan ku alkohol nya. Tapi kètang èta mah balik deui ka pribadi sèwang-sèwangan.
Balik deui ka Sèrèn Taun Guru Bumi, sakumaha anu dijèlaskeun samèmèhna, di Kampung Sindangbarang, pan ayeuna mah masjid tèh sakitu agrèngna, malah mun teu salah Kang Achmad Mikami Sumawijaya, jadi salah saurang pangurusna. Kahirupan di tempat èta, kumaha wè kahirupan agama Islam di tempat sèjènna, loba pangajian (boh keur kaum rumaja, ibu-ibu atawa bapa-bapana), lain waè, masjid tapi musholla ogè rèa pisan. Jadi lamun nitènan kana Sèrèn Taun anu geus dilumangsungkeun salila lima kali teu eureun-eureun di KBS, balaka wè, kuring mah reueus jeung ngacungkeun jempol sadua-dua ka Ki Maki tèh. Nonoman ngora, budayawan Sunda anu geus bisa ngawinkeun antara “dua alam” dina hiji kabeungharan budaya. Hal anu kacida arangna, dilakonan ku nonoman ngora anu lolobana katalimbeng ku budaya deungeun. Lamun kitu, mana cing anu leuwih alus?
(Tina Jurnal Bogor)
Foto : Kalakay Jasinga
tepas hareup
-
Nitenan ngaran-ngaran karuhun urang boh di jaman Pajajaran atawa saencanna, tetela salian ti ngaranna aralus oge mibanda harti anu kacida al...
-
Hung Ahung……. Peuting ieu kula seja murwa ku carita mepeskeun hate ku ketak rancage Neda ampun ka Nu Maha Agung Nyimbeuh du’a ka Ratu Ga...
-
Upaya mensosialisasikan wayang bambu dan wayang golek yang digagas PEPADI Kota Bogor, terus berlanjut, dalam satu minggu terakhir di bulan...
-
Karsih neuteup beungeut salakina anu kakara datang tadi Subuh, biasa tas pikét, giliran jaga peuting. Bakating ku tunduh, pakéan seragamna o...
-
Baeu kadieu hidep Geura mulih ka jati diri nyusup bumi purwadaksi mulang ka pawitan asmana Sunda Wiwitan singlarkeun rasa curiga sieu...
-
ukur simpè Nu maturan raga teu walakaya Nganteur sukma ngalalana nganjang ka alam baheula nyawang buana hareup pinuh sieun jeung ka...
-
Bener teu salah, kayaan jaman tèh kacida bèdana, geus robah jauh pisan, sawaktu kuring sakola di SMP, boh pangeusina, kaayaan wewengkon j...
-
SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDA Numutkeun Drs. R. Mamun Atmamihardja (Sajarah Sunda I, 1956) hasil anjeunna nyukcr...
-
Poè Ahad mah, komo tanggal ngora (pikeun kaum garajihan), biasana tèh sok dipakè pelesiran, atawa nyaba ka dulur atawa baraya anu imahna j...
-
reuma rasa nu nganteng di antara hate urang duaan, nu nalikeun runtuyan kecap endah, nepikeun harewos kamelang, ngamaliran sono jeung nyu...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar