Jumat, 07 Januari 2011

Tatapakan Karuhun (gerentes hate)

Tas nyaksian Binojakrama di Pangandaran, ngahaja nyimpang heula ka  Cagar Budaya Ciung Wanara di Kampung Karang Kamulyaan, Kacamatan Cijeungjing Kabupaten  Ciamis. Sanajan enya eta teh bali geusan ngajadi, tapi keukeuh we  teu asa di lembur sorangan. Ma'lum kituna tea mah, sabab mangpuluh-puluh taun teu nganjang  ka lembur sorangan. Padahal keur sakola keneh di SMP Negeri Cisaga anu harita Kapala Sakolana, Bapa Ihin Solihin, leuweung Ciung Wanara teh tempat pangulinan jeung  tempat ngarorotek, mangsa nini beakeun suluh. Sakapeung mah  sok dibaturan ku Mang Kasir, santri urang Brebes anu keur masantren di Pasantren Baiturahman, gaduhna pun aki. Malah, mun keur pere mah, sok diajakan tawur ku babaturan salembur. Tawur teh menta duit ka nu daratang atawa jiarah ka dinya. Kaayaan  di jero oge ayeuna mah geus robah, lamun baheula pangcalikan teh disaungan, ayeuna mah geuning aya narawangan. Maksudna mah, sugan ulah nepi ka aya jalma anu menta-menta ka tempat eta, saba bisa jadi pamusryikan. Mapay-mapay jalan anu ditiungan ku awi anu ngarondoy, bari disaksian ku monyet-monyet anu gugulantungan.


Pangheulana anu dijugjug teh nyaeta batu panyandaan, anu ceuk juru piarana teh tempat nyanda sawaktu Dewi Naganingrum ngababarkeun Ciung Wanara. Terus ka Sang Hyang Bedil, Adipati Panaekan, dituluykeun ka Cikahuripan. Hanjakal mangsa rek ka tempat pangaduan hayam, tempatna pinuh ku cai nepi ka bitis. Kulantaran waktuna samporet pisan, nya teu bisa kaanjangan kabeh, sanajan hate mah kumejot hayang ka  Patimuan, nyaeta papanggihna Cimuntur jeung Citanduy. Loba katineung anu teu bisa kakedalkeun mangsa sakola di SMP Negeri Cisaga teh, jigana teh ukur  catetan dina jero hate. Tetela hirup teh geuning lir nu keur ngumbara, pun nini anu kapungkur ngarorok tos taya dikieuna. Harianeun Aki mah, da mangsa keur orok keneh oge tos ngantunkeun. Di sapanjang jalan mulang ka Bogor teh, dina hate ngagerentes pileuleuyan bali geusan ngajadi, mugia isuk jaganing geto kuring bisa nganjang deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar