Minggu, 06 Februari 2011

Nyaah Pisan Atuh nya

Poè Ahad mah, komo tanggal ngora (pikeun kaum garajihan), biasana tèh sok dipakè pelesiran, atawa nyaba ka dulur atawa baraya anu imahna jauh jeung arang kapanggih. Lolobana mah anu nyaraba tèh urang kota, lamun di Bogor mah, urang Jakarta, komo barudak ngorana mah, mani rabeng kana motor. Geura wè perhatikeun pareng keur eureun lampu beureum tèh, di sagigireun tèh motor anu leterna B kabèh. Aya anu boncèngan (boh jeung lalaki deui, atawa awèwè), aya ogè anu sosoranganan. Tujuanana, rata-rata ka wewengkon Puncak. Ceuk rarasaan, teuing pèdah kuringna geus lila tara nyaba ka dinya, kaayaan di Puncak, sapuluh atawa lima taun katukang, teu pati bèda jeung ayeuna. Malah kètang ayeuna mah bisa jadi leuwih simpè batan baheula. Kituna tèh saentas aya jalan tol Cipularang, jumlah kandaraan anu ngaliwat ka Puncak beuki ngurangan, boh beus atawa kandaraan pribadi. Sanajan jarakna leuwih jauh, cenah mah waktuna leuwih cepet. Komo deui, lamun mobilna sèhat tur nu mawana resep pisan ngebut, moal teu sasiet ka Bandungkeun mah.
Puncak tètèla masih jadi pilihan nomer hiji dibandingkeun jeung wewengkon sèjènna, padahal anu aya di Puncak tèh sasatna ngan aya tilu, nyaèta kadaharan, tetempoan jeung hawana anu masih kènèh seger. Padahal di tempat sèjèn anu masih di Kabupatèn Bogor, hususna di Gunung Bunder jeung sabudeureunana, dina urusan hawa jeung tetempoan (pamandanganana) henteu èlèh-èlèh teuing. Salian ti hawana seger, wisatawan (boh domestic atawa mancangara) bisa ngarasakeun anu sèjènna, diantarana aya Curug Nangka, Curug Sarèbu, jeung paninggalan jaman baheula, ti mimiti BCB (Benda Cagar Budaya) jeung kaaslian kahirupan masarakat di tempat èta. Anu masih kurang tèh meureun kadaharan, jeung tempat pangistirahatan (aya ngeun teu loba), teu kawas di Puncak. Di sisi jalan, loba pisan anu nawarkeun villa, malah mun perlu mah (pastina ogè) disadiakeun ubar haneut, salimut ramoan tèa (ieu mah husus pikeun anu irung borèlèng).
Sanajan ceuk saliwat mah leuwih onjoy tibatan Puncak, kunaon atuh nu nyaraba leuwih resep ka Puncak? Sigana tèh salian ti leuwih lila jadi tempat jugjugeun, jadi leuwih kawèntar, promosi atawa publikasi wewengkon Beulah Kulon tèh kurang heuyeub. Tong dibandingkeun jeung Bali atawa Yogyakarta anu geus kaceluk ka awun-awun ka koncara ka janapria, tapi hèbatna Bali jeung Yogya, masih kènèh ngalakonan promosi, diantarana ngaliwatan sinètron-sinètron anu disiarkeun dina telepisi swasta. Sedengkeun Bogor? boh Kota atawa Kabupatèn, rarasaan masih kènèh jarang pisan. Dina ayana ogè mun teu salah kakara di Kampung Budaya Sindangbarang.
Lamun Bali jeung Yogya bisa dijadikeun tempat syuting tur di jerona nyaritakeun rinèka budaya jeung kaèndahan alamna, naha Bogor makè teu bisa (hayang)? Padahal jarak Production House (PH) jeung artisna anu lolobana di Jakarta, leuwih deukeut ka Bogor, waktuna ogè ukur 45 menit. Geus pasti lamun tèa mah dilaksanakeun di Bogor, pikeun produserna bakal leuwih ngirit anggaran. Atawa kitu (boh di Bali atawa di Yogya) pamarèntahan satempatna nyadiakeun fasilitas ka maranèhanana ? Lain mamatahan ngojay ka meri, da anu mangku jabatan di kantor èta tèh, lain jalma atah-atah. Pastina ogè leuwih pinter jeung boga pangalaman dina ngurus pancèn anu aya patalina jeung tugasna tèh. Promosi tempat pariwisata ngawengku budaya tèh lain malulu nyieun brosur wungkul, tapi anu visionable atawa makè gambar hirup rarasaan bakal leuwih keuna sasaran. Anu jadi patanyaan gedè tèh, naha geus aya lèngkah ka palebah dinya kitu? Di urang sabenerna loba pisan obyèk pariwisata anu laku dijual, tinggal kumaha mungkus jeung nyuguhkeunana. Untungna di Kota Bogor mah aya kènèh Kebon Raya, anu teu kudu dipromosikeun ogè, geus pada nyaho. Nu daratangna ogè, lain ngan urang Bogor wungkul, tapi loba anu ti luarna. Lamun tèa mah aya kènèh brosur ngeunaan obyèk pariwisata (boh di kota atawa di Kabupatèn) taya salahna sakali-kali mah dagang brosur wè heula nya. Nyaah pisan, lamun henteu nepi ka kajual tèh nya.
(Tina Jurnal Bogor)
(gambar : Wisata Puncak)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar