Pikeun pagawè nagri sipil di wewengkon Pemkot Bogor jeung Depok, ngaran Bu Iyèt geus teu bireuk deui, pagawèanana dagang kadaharan garing, lar asup ka kantor Pemkot Bogor kaasup ka rohangan pajabat jeung pada ngaku deuih. Ngaran anjeunna kungsi jadi sabiwir hiji, mangsa keur kampanyeu Pilkada sababaraha taun kaliwat, mun ceuk basa kiwari mah, kaasup pajuang militant dina ngabèlaan hiji calon anu dibèlana. Malah ceuk Kang Sam tèa anu imahna teu jauh ti bumi anjeunna, ceuk bohongna wani gelut jeung nandonkeun dirina nepi ke bobolokot getih. Sakapeung mah teu malirè kana kasalametan dirina, nu penting anu diperjuangkeunana nanjeur, ngadeg jadi pamingpin. Anjeunna mah ihlas rido nempèlkeun gambar calon pamingpin anu dirojongna bari jeung teu dibayar. Nyaah jeung ngarojongna tèh lain ngan saukur di biwir tapi nembres kana hate anu pangjerona. Lain beungeut nyanghareup ati mungkir, atawa lanca-linci luncat mulang udar tali gadangan. Daèk gawè asal jelas buruhna, cohagna mah maju terus pantang mundur, maju tak gentar sabab aya nu mayar. Mangsa aya nu nawaran leuwih gedè buruh, lungguh kalinduan gedag kaanginan, ngalèok kusabab nempo piduiteun leuwih badag. Atawa aya ogèanu mibanda sikep Dorna, kaditu diala kadieu disabet. Hasilna kumaha èngkè. Mangsa jagoaanan rèk èlèh buru nyieun lèngkah anu ceuk manèhna mah strategsi, ngadeukeutan anu bakal pimeunangeun bari jeung teu boga kaèra. Bu iyèt mah teu kaasup kana golongan èta, malah kaasup anu teuneung ludeung nembongkeun ka balarèa lamun dirina geus boga pilihan. Henteu laas kahujana, lèah kapanasan. Ceuk Kang Iyan, anjeunna kungsi pasèa rongkah jeung tim suksès pasangan sèjèn mangsa gambar jagoanana aya nu nyoèkeun atawa ngahaja ditutupan ku gambar calon sèjèn. Kitu ogè, kungsi ambek-ambekan, mangsa imahna anu pinuh ku gambar calon anu diperjuangkeunnana, aya anu masangan calon sèjèn. Da kitu geuning sikep masarakat (jalma) leutik mah, lamun geus kabeuli hatèna, tong boroning tanaga, dalah jiwa jeung ragana ogè wani ditandonkeun. Malah anjeunna geus siap nyokot rèsiko lamun dina hiji mangsa teu dimeunangkeun dagang lamun calonna henteu kapilih. Ngaran Iyèt kungsi jadi sabiwir hiji, basa ngayakeun hajat sukuran (numpeng) sosoranganan basa anu dijagokeunana kapilih.
“Arèk jadi naon manèhna tèh atuh make kudu syukuran kawas kitu, da Pa Anuna ogè moal daèkeun datang ka imah manèh,” ceuk tatanggana nyaleungseurikeun. Tapi Bu Iyèt mah kukuh kana pamadeganana, anjeunna yakin lamun anu dirojongna bakal datang, sanajan imahna dina gang. Enya wè sanajan di tempat anu sempit, pamingpin anu dirojongna tèh sumping. Ti saprak harita, ngaran Bu Iyèt jadi kamashur, kusabab geus bisa nyumpingkeun pajabat tur boga hubungan anu kacida deukeutna.
“Malah mangsa keur kampanyeu Bu Iyèt nepi ka teu dagang sabulan ngabèlaan milu kampanyeu ka ditu-ka dieu jeung nèmpèlkeun gambar,” ceuk Kang Iyan anu apaleun pisan kana sikep sapopoèna, sabab lamun tas ngider sok ngahajakeun nyimpang ka rohanganana, pikeun nawarkeun daganganana. Kasangtukangna mah, anjeunna kungsi ngarawatan èta pajabat mangsa keur ngora kènèh jeun can jeneng kawas kiwari.
“Ibu mah wareg ngurusan anggoan anjeunna, nuju anjeunna linggih di Panaragan. Kapungkur waè nuju can jeneng geus bageur, komo deui ayeuna geus jadi pajabat pangluhurna, leuwih bageur,” saurna. Pikeun Bu Iyèt, pamingpin mah kudu geur, antara ucap jeung lampah kudu saluyu, henteu cueut ka nu hideung, pontèng ka nu konèng sarta nyaah ka nu leutik.
“Anu penting mah henteu robah sikep. Malah pantesna mah Bapa tèh jadi Bujenul, sabab mingpin rahayatna hade tur kersaeun turun langsung ka handap,” saur Bu Iyèt.
“Hah, Bujenul, naon Bujenul tèh, Bu,” cèkèng tèh basa papanggih di Masjid Attaqwa.
“Bujenul tèh maksudna mah Gubernur, Kang,” saur Kang Sam ngajèntrèkeun. Sanajan loba nu nyaram sangkan ulah dagang da geus kolot, anjeunna keukeuh nguriling.
“Hirup mah lain keur ngalamun tapi keur digawè jeung Ibadah,”pokna tandes.
(Tina Jurnal Bogor)
tepas hareup
-
Nitenan ngaran-ngaran karuhun urang boh di jaman Pajajaran atawa saencanna, tetela salian ti ngaranna aralus oge mibanda harti anu kacida al...
-
Hung Ahung……. Peuting ieu kula seja murwa ku carita mepeskeun hate ku ketak rancage Neda ampun ka Nu Maha Agung Nyimbeuh du’a ka Ratu Ga...
-
Upaya mensosialisasikan wayang bambu dan wayang golek yang digagas PEPADI Kota Bogor, terus berlanjut, dalam satu minggu terakhir di bulan...
-
Karsih neuteup beungeut salakina anu kakara datang tadi Subuh, biasa tas pikét, giliran jaga peuting. Bakating ku tunduh, pakéan seragamna o...
-
Baeu kadieu hidep Geura mulih ka jati diri nyusup bumi purwadaksi mulang ka pawitan asmana Sunda Wiwitan singlarkeun rasa curiga sieu...
-
ukur simpè Nu maturan raga teu walakaya Nganteur sukma ngalalana nganjang ka alam baheula nyawang buana hareup pinuh sieun jeung ka...
-
Bener teu salah, kayaan jaman tèh kacida bèdana, geus robah jauh pisan, sawaktu kuring sakola di SMP, boh pangeusina, kaayaan wewengkon j...
-
SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDA Numutkeun Drs. R. Mamun Atmamihardja (Sajarah Sunda I, 1956) hasil anjeunna nyukcr...
-
Poè Ahad mah, komo tanggal ngora (pikeun kaum garajihan), biasana tèh sok dipakè pelesiran, atawa nyaba ka dulur atawa baraya anu imahna j...
-
reuma rasa nu nganteng di antara hate urang duaan, nu nalikeun runtuyan kecap endah, nepikeun harewos kamelang, ngamaliran sono jeung nyu...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar