Pikeun sabagèan jalma, komo urang luar nagri mah, nya bangsa deungeun, maèn bal, mani dianggap sagalana, malah ceuk bèja (ngaranna ogè bèja) loba diantarana anu nganggap yèn pamaenan anu marebutkeun bola hiji ku 22 urang ieu dianggap agama nepi ka wani nyebutkeun dina KTPna. Halah naha mani kitu-kitu teuing nya ! Padahal pira ogè pamaènan anu diciptakeun ku manusa. Sanajan kitu, teu bisa disumputkeun lamun maèn bal, mibanda “sihir” pikeun nu lalajona, rarasaan dina peutingan aya pertandingan mah, ampir sakabèh jalma, panonna molotot ka stasiun tipi anu nyiarkeun sacara langsung. Kaum ibu anu resep nongton sinètron ogè loba nu ngèlèhan, komo anu tipina ngan hiji mah. Lamun teu resep nya mending ngamar, ceuk pikirna, mending ngèlèhan tibatan kudu pasèa jeung salaki mah. Anu resepeun mah nya nongton babarengan, biasana lamun kleub anu dipikaresep ku salakina maèn (komo meunang) salaki tèh ngadadak jadi bageur, sok meuli rupa-rupa kadaharan, malah ceuk Ceu Mimin mah, duit balanja ogè sok ditambahan sagala.
Mèmang alusna mah (supaya fardu kasambut sunnah ka lampah, jauh teuing nya mani nepi ka dinya sagala), salaki tèh nongtonna bareng jeung kaumna di tempat-tempat anu disadiakeun. Pan ayeuna mah, loba nu nyadiakeun paragi nobar tèa, boh di lapangan, pos ronda, di warung atawa café-café. Enya pikeun anu baroga duit mah, bisa di café, ngan anu meneran keur tongpès mah, nya mending di pos ronda anu deukeut, salian ti bisa balik lamun lapar, ogè bisa nyelang nempoan imah, bisi aya tamu anu teu diondang asup ka imah. Enya lamun babarengan mah (komo jeung anu sakaresep) pan lalajona tèh bisa surak sangeunahna atawa bari jeung gogorowakn, da moal aya nu nyaram ieuh. Lamun di imah mah, nya kitu tèa, bisi ngahudangkeun budak anu keur sarè.
Tah lamun kitu kakara afdol, salaki bisa nongton, patih goah ogè teu katinggaleun carita sinètron, pikeun bahan ngarumpi jeung tatanggana. Keun wè lah ngobrolkeun pamaèn sinetron mah, asal ulah ngomongkeun nu sèjèn, komo gibah mah, matak nambahan dosa wungkul.
Tah, tina puluhan kasawelasan anu tandang di Afrika Selatan tèh ayeuna mah, kari opat deui, papanggihna di semi final, Uruguay jeung Walanda, Jerman ngalawan Spanyol. Sababaraha kasawelasan anu tadina dijagokeun kayaning Brasil, Argentina, tètèla kèok, atuh skorna ogè diluar sangkaan. Sanajan ngan saukur pamaènan pastina aya nu èlèh aya nu meunang, ari jendolna nepi ka opat siki mah (Argentina ku Jerman) nya matak hèran, malah loba diantarana teu percaya, naha nepi ka kitu. Padahal ceuk ijiran mah, boh pamaèn Argentina atawa Brasil, loba anu keur moyan. Saha anu teu kataji ku Messi anu kacida nyongcolangna sawaktu ngabèla Barcelona. Tapi nya kitu tèa, bola tèh buleud, sagalana ditangtukeun di lapangan, lain ngan saukur itung-itungan di luhureun kertas wungkul.
Walanda, sigana tèh, dipastikeun (ceuk sabagèan paniten) bisa ngungkulan Uruguay, tapi ulah salah bisa ogè sabalikna. Bisa jadi Uruguay, anu mangrupa wakil hiji-hijina ti Amerika Latin, kakoèt harga dirina, maènna kawas banteng kasurupan, atawa kawas munding diasupan gang. Kiru ogè Spanyol anu bakal ngalawan Jerman. Lamun tèa mah anu ka final tèh, Uruguay jeung Spanyol, deui-deui, panitèn sèpakbola bakal kabobodo, ku hasil analisana.
“Ah, kuring ayeuna mah moal rèk nyekel hiji kasawelasan, sabab kamari ogè hanjelu, gara-gara nyèkèl Argentina, limapuluh pèrak ka laut,” ceuk hiji lalaki, anu resep ngajadikeun pamaènan sèpakbola jadi teteguhan bari make duit. Padahal ceuk èta lalaki, duitna tèh keur tatamba budakna ka dokter. Kusabab yakin yèn kasawelasan anu dijagokeunana bakal meunang duit anu ngan sakitu-kituna tèh dipakè tarohan. Atuh mangsa Argentina teu manggapulia tèh, ngan ukur bisa nyabakan sirah, lendeng jeung bingung.
Numatak ceuk Aki Markum mah, nongton mah, nongton wè ulah sagala ditambahan ku judi sagala.
“Haram tatèh euy,” pokna tèh.
(Tina Jurnal Bogor)
Foto :swaberita.com
tepas hareup
-
Nitenan ngaran-ngaran karuhun urang boh di jaman Pajajaran atawa saencanna, tetela salian ti ngaranna aralus oge mibanda harti anu kacida al...
-
Hung Ahung……. Peuting ieu kula seja murwa ku carita mepeskeun hate ku ketak rancage Neda ampun ka Nu Maha Agung Nyimbeuh du’a ka Ratu Ga...
-
Upaya mensosialisasikan wayang bambu dan wayang golek yang digagas PEPADI Kota Bogor, terus berlanjut, dalam satu minggu terakhir di bulan...
-
Karsih neuteup beungeut salakina anu kakara datang tadi Subuh, biasa tas pikét, giliran jaga peuting. Bakating ku tunduh, pakéan seragamna o...
-
Baeu kadieu hidep Geura mulih ka jati diri nyusup bumi purwadaksi mulang ka pawitan asmana Sunda Wiwitan singlarkeun rasa curiga sieu...
-
ukur simpè Nu maturan raga teu walakaya Nganteur sukma ngalalana nganjang ka alam baheula nyawang buana hareup pinuh sieun jeung ka...
-
Bener teu salah, kayaan jaman tèh kacida bèdana, geus robah jauh pisan, sawaktu kuring sakola di SMP, boh pangeusina, kaayaan wewengkon j...
-
SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDA Numutkeun Drs. R. Mamun Atmamihardja (Sajarah Sunda I, 1956) hasil anjeunna nyukcr...
-
Poè Ahad mah, komo tanggal ngora (pikeun kaum garajihan), biasana tèh sok dipakè pelesiran, atawa nyaba ka dulur atawa baraya anu imahna j...
-
reuma rasa nu nganteng di antara hate urang duaan, nu nalikeun runtuyan kecap endah, nepikeun harewos kamelang, ngamaliran sono jeung nyu...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar