tepas hareup

Jumat, 14 Januari 2011

Ulah Nepi Katutuh Karurug

Lamun tèa mah aya nu ngahariwangkeun sarta kungsi aya panalungtikan yèn basa Sunda ngan digunakeun ku 20 persen urang Sunda (dèwasa) bisa jadi kitu, tapi rarasaan ku barudak jeung rumajana mah boa sapuluh persènna ogè henteu, lain ngan saukur babasan, atawa asal disada (asbun). Sabab kanyataanana tèh geuning kitu. Kanyataan ieu kapanggih, sanggeus marengan para dalang Kota Bogor anu ngagabung dina organisasi padalangan (PEPADI) ancrub ka sakola-sakola dina raraga ngawanohkeun wayang golèk ka murid-muridna. Sawaktu ditanya naha ngarti kana basa Sunda, tina sakitu lobana anu ngariung tèh ukur sababaraha urang. Atuh kapaksa, para dalang anu dina mentas biasana make basa indungna, basa anu lumaku dina wayang golèk nyaèta basa Sunda, kudu banting setir, nerangkeunanan ku basa Indonèsia. Sabab lamun basana teu nyambung jeung teu dipiharti, naon jadina, bisa diibaratkeun monyèt ngagugulung kalapa. Lèahna barudak (Sunda) anu indung bapana nyarita jeung pituin urang Sunda, panyababna tèh nyaèta, di imahna teu dibiasakeun nyarita ku basa Sunda, atawa taya keyeng, kahayang ti para kolotna pikeun “maksakeun” anak-anakna nyarita ku basa Sunda. Kajadian ieu tèh sigana sumebar kamana-mana, harianeun ari anu sakolana di tengah kota mah, sabab nun dialajarna leuwih loba suku wangsana, atawa ceuk basa deungeunna mah heterogen. Di sakola-sakola anu tempatna diteguh loba urang Sundana, basa sapopoè anu digunakeunana basa Sunda, sarta murid-muridna diperkirakeun ti wewengkon anu lekoh nyarita ku basa indung bapana, geuning teu bèda jauh. Lamun ceuk peta budaya jeung basa, ceuk pamikiran, di wewengkon Rancamaya, Cipaku, Cihideung, Pamoyanan, pastina ogè nu bisaeun nyarita Sunda bakal leuwih loba ti wewengkon Sukadamai, Sukaresmi, Cilebut jsbna.
Kitu ogè ceuk kira-kira, anu sarakola di wewengkon Cipaku jeung Pamoyanan, meureun moal jauh ti urang dinya atawa sabudeureunana, malah bisa jadi urang Cijeruk, Cihideung jeung liana, anu pastina basa sapopoè indungbapana mah, Sunda. Tapi sawaktu, ditanyakeun ka barudak sakola (SMP) mangsa dalang nerangkeun carita wayang ku basa Sunda, naha bisa dipikaharti. Dalapan puluh persèn leuwih, gideug, atawa henteu ngarti. Jadi kasimpulan samentara, wabah teu bisa nyarita (teu ngarti) basa Sunda tèh, lain ngan saukur nerap ka barudak anu caricingna di (tengah) kota wungkul, tapi ogè anu dipelmburan. Lamun kieu ayana, teu kudu ngadagoan ka ratusan taun, duapuluh taun kahareup ogè, basa Sunda tèh bakal carem, atawa kurang ti lima persèn anu ngagunakeunana tèh. Pikeun ngajaga sangkan tetep aya tur diparakè, jigana mah perlu lèngkah anu daria, tur babarengan malah dilaksanakeun kalayan tuluy-tumuluy sangkan kolot-kolot anu masih kènèh bisa jeung nyarita ku basa Sunda ngajarkeun jeung ngabiasakeun basa Sunda ka anak-anakna. Sabab lamun ngandelkeun di sakola wungkul mah, pastina moal kaudag, salian ti jam pelajaranana heureut, ogè lumakuna tèh ukur dikelas tur dina jamna diajar basa Sunda wungkul. Aya alusna lamun para pamingpin di wewengkon ieu ngabèwarakeun ka masarakat diantarana ku Gerakan Ngaugunakeun Basa Sunda di imahna sewing-sèwangan. Kaduana lain ngan ukur basa Sunda wungkul, perlu ogè diwujudkeun hiji lèngkah sangkan barudak sakola dititah sina ngagunakeun basa nasional (Indonesia) anu alus tur bener. Sabab kanyatanana bulan bahasa anu salila ieu aya geus kurang diaranggap. Salah sahiji pangaruhna tèh nyaèta lobana tongtonan anu ditayangkeun dina tipi diantarana sinètron anu basan Indonesiana ruksak tur teu saluyu jeung kaidah Bahasa Indonesia yang baik dan benar tèa.
Lamun diantepkeun bakal katutuh karurug, atawa sudah jatuh tertimpa tangga, geus mah basa indung bapana ditaringgalkeun, basa Indonesiana ogè ruksak. Anu lumaku ngan saukur basa pergaulan bari jeung teu puguh alang ujurna. Meureun kalimah ulah èra jeung sieun salah ngagunakeun basa Sunda tèh kudu ditambalan ku jangan merasa gèngsi menggunakan bahasa Indonesia yang baik dan benar. Sakali deui ulah nepi katutuh karurug. Mangga nyanggakeun !
(Tina Jurnal Bogor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar