Bener teu salah, kayaan jaman tèh kacida bèdana, geus robah jauh pisan, sawaktu kuring sakola di SMP, boh pangeusina, kaayaan wewengkon jeung sikep atawa paripolah, hususna mah barudak rumaja awèwèna. Lamun kaum istri jaman baheula, leuwih dulang tinandè, teu daèkeun balaka ka lalaki anu dipikaresep atawa anu dipikacintana, ayeuna mah tibalik, loba barudak awèwè anu nèmbak tiheula atawa ngungkabkeun eusi hatèna, sabab bisi dipiheulaan ku nu sèjèn. Dina jaman kiwari mah, nu kitu geus dianggap biasa, teu pamali. Kabiasaan sèjènna, nyaèta loba barudak awèwè anu kukulayaban tengah peuting, boh jeung lalaki (kabogohna) atawa sosoranganan. Jiga teu boga wates waktu ulin peuting. Sakapeung mah sok rada ngahuleng, kumaha rarasaan nu jadi kolotna?. Naha teu hariwang, lamun jam sapuluh peuting can balik ka imah ? sanajan enya ogè kaluarna jeung kabogohna, atawa calon pisalakieunana. Nyaho kitu sotèh, basa tas ulin ti Sipatahunan, kètang lain ulin-ulin teuing, kusabab hujan gedè, tibatan jibrug, milu ngiuhan. Kaluar ti dinya tèh kira-kira jam dua belas peuting, da kakara root. Palebah Taman Kencana, dina korsi loba anu ngarariung, barudak awèwè jeung lalaki. Lamun nempo warugana mah, paling ogè sakolana tèh di SMP, atawa paling ogè kakara SMA kelas dua. Puguh rada ngahuleng sajongjongan mah, geuning barudak anu sakuduna geus karèrèk atawa sakurangna geus aya di imah tèh naha masih kènèh kukulayaban di luar imah.
Atawa mèmang ayeuna mah kitu, ngantepkeun budakna ulin nepi ka tengah peuting tèh geus lumrah tur dianggap biasa. Beu…. beu lamun kitu carana, bahaya, sabab sarua jeung ngadeukeutan picilakaeun. Naha ieu kitu anu disebut èmansipasi tèh, barudak awèwè boga hak anu sarua, dina urusan nu kararitu ? Pan sidik ceuk para dalang mah, awèwè mah, pondok lèngkah gedè bugang.
Maksudna mah, bahla nu ngancam jiwana leuwih gedè tibatan lalaki, lamun diantepkeun ulin lain wayah, sarua jeung ngadeukeutan pibahayaeun. Sabab pan awèwè mah, aya tapakna, teu cara lalaki. Enya, pan ceuk agama ogè disebutkeun, lamun kaum Adam jeung kaum hawa paduduanan sok aya nu maregan, nu katiluna tèh sètan anu ngawujud jadi hawa nafsu. Lamun kitu kayaanana paingan atuh, loba kajadian MBA alias married by accident tèa, ceuk Kang Ermansyah, urang Ciawi anu ngumbara di Ciputat mah. Saur anjeunna, mikanyaah ka budak (komo awèwè) lain kudu nurutkeun sagala kahayangna, komo anu sifatna ngadukeutan picilakaeun. Sanajan enya ogè, lamun dina kajadianana aya anu tanggung jawab, tapi pan teu kudu kitu carana.
“Ngawangun rumah tangga atawa imah-imahan mangrupa pagawèan anu kacida alusna, sampurna pisan lamun dimimitian ku kamaslahatan. Komo bari jeung geus dipersekotan mah, sabab ngahiji ku cara kitu tèh, sok aya kajadian-kajadian anu teu dipiharep dina rumah tanggana,” pokna daria.
Lamun nitènan ka lebah dinya, jadi inget kana sisindiran baheula, mangsa keur budak, sok ngariung di tepas imah.
“Harèndong beak ku careuh, nu ngèndong beuteungna bareuh,” ceuk nu saurang.
“Sugan tèh batok sihorèng taneuh, sugan tèh montok sihorèng …….,” tèmbal nu sèjèn. Anu ngariung di dinya bangun nu embung èlèh gancang mikir, hayang males.
“Majar manèh cèngkèh konèng, kulit peuteuy dina nyiru,” ceuk anu irungna kawas sadel sapèdah.”
“Teruskeun euy,” ceuk nu liana mèh bareng.
“Majar manèh lèngkèh konèng, kulit beuteung mani nambru.”
“Ah, teu nyambung silaing mah, kamana waè losna,” ceuk anu aya di dinya.
Sisindiran di luhur mun teu salah tilu puluh taun katukang, tapi geuning loba kajadianana kiwari, jaman urusan anu kuduna pamali, jadi nalalembrak.
Enya, lamun diarantepkeun waè, barudak awèwè kukulayaban tengah peuting, komo bari jeung sok ngararèndong di imah babaturan atawa kabogohna mah, bisa jadi harèndong beak ku careuh. Nu ngèndong beuteungna bareuh. Halah, cilaka lamun kitu, sabab pan hanacaraka tèa. Anak cilaka kolot kabawa-bawa.
(Tina Jurnal Bogor)
Foto :Istimewa
tepas hareup
-
Nitenan ngaran-ngaran karuhun urang boh di jaman Pajajaran atawa saencanna, tetela salian ti ngaranna aralus oge mibanda harti anu kacida al...
-
Hung Ahung……. Peuting ieu kula seja murwa ku carita mepeskeun hate ku ketak rancage Neda ampun ka Nu Maha Agung Nyimbeuh du’a ka Ratu Ga...
-
Upaya mensosialisasikan wayang bambu dan wayang golek yang digagas PEPADI Kota Bogor, terus berlanjut, dalam satu minggu terakhir di bulan...
-
Karsih neuteup beungeut salakina anu kakara datang tadi Subuh, biasa tas pikét, giliran jaga peuting. Bakating ku tunduh, pakéan seragamna o...
-
Baeu kadieu hidep Geura mulih ka jati diri nyusup bumi purwadaksi mulang ka pawitan asmana Sunda Wiwitan singlarkeun rasa curiga sieu...
-
ukur simpè Nu maturan raga teu walakaya Nganteur sukma ngalalana nganjang ka alam baheula nyawang buana hareup pinuh sieun jeung ka...
-
Bener teu salah, kayaan jaman tèh kacida bèdana, geus robah jauh pisan, sawaktu kuring sakola di SMP, boh pangeusina, kaayaan wewengkon j...
-
SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDA Numutkeun Drs. R. Mamun Atmamihardja (Sajarah Sunda I, 1956) hasil anjeunna nyukcr...
-
Poè Ahad mah, komo tanggal ngora (pikeun kaum garajihan), biasana tèh sok dipakè pelesiran, atawa nyaba ka dulur atawa baraya anu imahna j...
-
reuma rasa nu nganteng di antara hate urang duaan, nu nalikeun runtuyan kecap endah, nepikeun harewos kamelang, ngamaliran sono jeung nyu...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar